A Rifa Kalih Teteh Akomah Seja Neda Do'a, Kawargi Sareng Sadaya Baraya Sateuacan Mangkat Katanah Suci Makkah Kersa Sumping Dina Waktosna

Bismillahirrahmairrhaim

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Kalayan muji kanu Maha Suci, Dzat Illahi Robbi anu maparin mangpirang-pirang nikmat anu teu tiasakawinci.

Solawat kalih salam mugi dugi ka Kangjeng Nabi teu lali kakulawargi tur kanggo para ashabi, teukalangkung kasadaya umat muslim anu nyekel pageuh kana agama.

Mugia disarengan ku rahmat sinareng ridhona Alloh SWT, Insya Alloh dina tahun ieu simkuring
bade ngalaksanakeun ibadah haji ka Tanah Suci Mekkah.

Luyu tur pinuji saupami sateu acan mios simkuring, nguriling mipir-mipir milari wargi,nyukcruk-nyukcruk maluruh dulur mapay-mapay ngalarat sadaya baraya, seja nepangan neda pi du’ana.

Sateuacan mios, Insya Alloh sim kuring hoyong ruing mungpulung heula sareng wargi sadaya seja tasyakur binikmat. Ku kituna sim kuring ngulem, mugia luntur kalbu wenging galih kersa sumping ka rorompok dina waktosna, Insya Alloh seja dilaksanakeun dina:

Dinten : Minggu , 05 Mei 2024/ 26 Syawal 1455 Hijriah 

Waktos : Tabuh 08.00 WIB dugi ka rengse

Tempat : Pondok Pesantren Riyadul Mutafahimin/Cisumur

Mubaligh : KH. Asep Mubarok
Qori          : KH. Mumung

Kasumpingan Bapak/Ibu sadayana mangrupikeun kabingahan sareng kahormatan kanggo simkuring sakulawargi.

Minangka khotimah tina kedal kabingah simkuring  ngahaturkeun timpah nuhun nu kasuhun kana kasaean sadayana.

Jazakumulloh khoiron katsiron.

Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

A Rifai Kalih teteh Akomah🙏

Post a Comment

أحدث أقدم