Redaksi Kabardesanews.com, Neda Agung Cukup Lumur Neda Jembar Hapuntena Ka Sadaya wargi-wargi, Sasih Sya'ban Bade Amitan Ramadhan Tos Ngagupayan


*Assalamualaikum warahmatullahi wb*

*Wening galih nu dipamrih.....jembar manah nu di teda ...* 
*Rumaos simkuring seueur saur anu teu kaukur...ucapan anu pasalia....tingkah paripolah nu teu merenah* 

*Mugi ulah janten tunggul sirungan....catang supaan ...bobot sapanon carang sapakan*

*Neda agung cukup lumur ..neda jembar hapuntena.Ka sadaya wargi-wargi di mana wae ayana,  sihapunten lahir tumekaning bathin*

*sasih Sya'ban bade amitan* 
*Ramadhan tos ngagupayan*

*Hayu urang papag ku ati sanubari anu wening* .. *singkirkeun bangbaluh kalbu sinareng amarah*...  *singlarkeun rereged dosa*

*Hapunten samudaya kalepatan tiluhur sausap rambut tihandap sahibas dampal. kabardesanews.com  sakulawarga sareng jajarana 🙏🙏🙏
*آمِيّنْ آمِيّنْ آمِّيْنَ يَا رَبَّ الْعَالَمِيْن*



Post a Comment

أحدث أقدم